Pancen
Basa Sunda
RORONGO
(rametuk anu sok
ngariweuhkeun batur)
GEDUNG
KONI
CAINJUR
24 November 2012
Nu Nyusun:
Arief Gumelar Pamungkas
Rombel N
SMA NEGERI 1 CIANJUR
RORONGO
Aya
hiji kampung anu dibéré ngaran Rorongo. Rorongo téh hartina sabangsaning
rametuk anu sok ngariweuhkeun batur.
Kuduna
mah ari rék méré ngaran boh kana tempat, ngaran benda, atawa ngaran jelema.
Kudu méré ngaran anu alus. Sangkan jadi do’a keur nu dibére ngaranna. Ieu désa
dicaturkeun salah méré ngaran. Jadi balukarna karasa ku sakabéh warga éta désa
Rorongo. Éta Désa téh jadi réa pisan ku pasolan. Boh dina pasoalan kaluarga
atawa pamaréntah.
Hiji
pasoalan datang ti kaluarga Akang Guru, anu dituduh ku Nyi Esih (pamajikanna
éta guru) salingkuh jeung awéwé séjén. Pasoalan anu kadua nyaéta, loba pisan
laporan kajadian kaleungitan parabot atawa papakéan anu keur dipoékeun.
Dilaporkeun ku juru tulis ka pupuhu kampung, yén bobokona Nini Asmi leungit. Ogé
pakéan jero na hiji awéwé leungit. Pa Kuwu ngarasa nyaho saha bangsatna.
Aya
oge pasoalan anu jarang pisan karandapan ku jelema béh dieu, nyaeta nini-nini
hayang boga budak. Yuswa éta nini-nini téh kurang leuwih tujuh puluh taun.
Euweuh dina sajarah, yuswa sakitu reuneuh.
Pasoalan
anu terakhir dibéréskeun deui ku Pa Kuwu téh ngeunaan si Marmot, anu sok
ngabadogan popoéan jeung parabot warga Désa Rorongo. Tah, saprak si Marmot
beunang ku warga Désa Rorongo. Éta bangsat dibéré kapercayaan ku Pa Kuwu, jadi
patugas kaamanan éta Désa. Sangkan boga pagawéan, jeung ngeureunan jadi
bangsat.
0 komentar:
Posting Komentar