Kamis, 13 September 2012

Drama Sunda KaDua


Hiji Drama keur nu Ngora!!!

Di sapanjang susukan Cigolebag. Jujukutan masih keneh jadi panghiasna, oge salaras eujeung caina anu masih keneh cur cor bari herang. Kaayaan kieu di mangfaatkeun ku sakabeh warga sapanjang susukan Cigolebag keur ngisikan, mandi atawa ngumbah parabotan rumah tangga.

Enci                 : “Punten akh, ngiringan nyeuseuh ibu-ibu..”
Ceu Poho         : “Mangga, kadieu..sasarengan sareng abdi !”
Ceu Nina         : “Eh, terang teu ibu-ibu?”
Ceu Poho         : “Naon, tah? Aya gosip paling alus deui lain?”
Enci                 : “Enya, aya gosip naon poe ayeuna?”
Ceu Nina         : “eh, apal teu Neng Mimin. Saurnamah anjeunna teh atos ngagaleuh deui emas cenah dua gram mah”
Enci                 : “Wahh, enya nyah? Ceuk saha eta teh Bu?”
Ceu Nina         : “Eh, osok teu parercanten wae..leres pisan, eta we pas abdi kamari ameng ka bumina api-apina teh bade ngiriman rujak, padahalmah hayang ngakurkeun kaayaan imahna, naha masih keneh alusan kuring atawa manehna.”
Ceu Poho         : “terus hasilna kumaha?”
Enci                 : “enya, aya naon wae di imahna?”
Ceu Nina         : “Ih, ibu-ibu..dangukeun abdi, pas abdi lebet ka bumina. Aduh parabotanna teh meni ararenggal pisan, sareng kasampak gular-goler emas kana dua gram mun diitung- itungmah.”
Enci                 : “bener ieu teh? Da, perasaan kuringmah kamari-kamari teh, kahirupanna teu jauh jeung arurang pada umumna. Ka warung keukeuh ku nginjeumna. Komo deui ka kosipa mah, nepi ayeuna apanan urang mah masih ucing-ucingan keneh mun aya pagawena.”
Ceu Poho         : “Heeuh, kuring ge sarua..loba hutang kaditu-kadieu.
                        Tapi eta ceu mimin meni ku gancang beungharna kitu nya?”
Ceu Nina         : “cenahmah manehna geus ngadatangan ka tujuh ajengan alus di kampung urang. Terus meureun menta tulung hayang dipangdu’akeun supaya manehna beunghar”
Enci                 : “Lain, ciganamah manehna menta ka dukun hayang jadi beunghar.”
Ceu Poho         : “ciganamah kitu, eta we tinggali dina hareupeun imahana anu gedong eta. Unggal poena teh osok di purudulan ku kekembangan tujuh rupa. Ti kawit kembang pandan nepi ka kembang kamboja.”
Enci                 : “bener pisan ciganamah kitu nya?”

Teu lila, saenggeus maranehanana ngalobrol ngeunaan kabeungharan Ceu Mimin anu ngadadak pisan. Torojol anu mabok, bari mamawa botol AO ka tengah-tengah ibu-ibu anu keur nyeuseuhan baju.

Anto                 : “Mabok deuii”
Enci                 : “eh, teu sopan ka kolot lain punten heula atuh. Kalah wawanianan
 ngalengkahan kolot, belegug siah...doraka siah..”
(Dicarekan ku ibu-ibu)
Anto                 : “Punten, kuring keur rusuh. Di udag ku bangsat sapasang.”
Ceu Poho         : “belegug siah, Anto..Indit siah kaditu. Ngaganggu aing keur nyeuseuh siah kehed.”
Anto                 : “Hampura kabehh” (bari nyeblokkeun cai susukan).
Ceu Nina         : “Di du’a keun siah Anto, sing jadi monyet jajadian!”
Anto                 : “Heeuh, hampura kuring keur mabok”

Lumpat, meuntas susukan Cigolebag bari linglung kasarung ku sabotol AO anu di beulina ti warung sisi jalan. Bari eta AO dicampuran sakedik ku bensin. Nya heeuh, salian eta AO ngamabokkeun. Jadi sabab eta jelema anu nginumna bisa lumpat tarik kawas mobil Xenia atawa Avanza.

Pa Ustadz        : “Ceu, manawian ninggalian si Anto teu anu keur mabok?”
Neng Ratih      : “Sumuhun, naringali henteu eta tangkulakna manusa?”
Ceu Poho         : “Punten Pak Ustadz, margi abdi teh ngagaduhan panyawat poho. Janten kuring ... hilap deui Pak Ustadz, hapunten pisannya.”
Pa Ustadz        : “cing anu sejen..manawian ninggal si Anto henteu?”
Enci                 : “si Anto?”
Ceu Nina         : “Si Anto anu tukang mabok lain? Heeuh, kuring ninggali tadi. Apan ngaliwat kadieu bieu teh bari mamawa sabotol AO..”
Enci                 : “Ceuk manehannamah, manehna diuudag ku bagsat duaan. Anu hiji lalaki, anu hiji awewe.”
Pa Ustadz        : “belegug, kuring disangka bangsat ! terus ayeuna manehna indit kamana? Astaghfirullohal adziim”
Neng Ratih      : “sabar Pa ustadz..sabar”
Pa Ustadz        : “astaghfirullohal adziim, kuring geus kapancing esmosi”
Neng Ratih      : “Emosi panginten Pa?”
Pa Ustadz        : “tah etalah maksad kuring teh teu jauh”
Neng Ratih      : “teras ayeuna bade diudag wae eta anu mabok?”
Pa Ustadz        : “enya hayu atuh urang udag”
Ceu Nina         : “keheula Pa, tong gagabah kitu..awon akh, kieu heula we ayeunamah urang calik heula didieu. Teras jelaskeun naon sabab bapak make hayang ngungudag si Anto?”
Pa Ustadz        : “kieu, apanan kaula teh dipasihan pancen ku ketua RT keur nyekelan koropak masjid. Tah kabeneran tiap mingguna teh ngan leungit we hayoh eta duit. Pas tadi isuk, kuring panasaran hayang nyaho saha anu wawanian maok koropak masigid teh. Eh, geuningan tangkulakna si Anto.”
Enci                 : “Oh, kitu maksadna pa ustadz teh, dikinten teh bade nyungkeunan tanda tangan ka si Anto”
Pa Ustadz        : “emang kaula bade ngadamel KTP kitu,
Kudu aya aturanan menta tanda tangan heula ka si Anto?”
Enci                 : “punten punten pa ustadz..abdi mah mung sabates heurey hungkul da.”
                        (bari seuseurian ceuceuleukeuteukan)
Pa Ustadz        : “kieu we atuh nya. Kusabab kuring jeung Neng Ratih moal sempet ngudagna eta si Anto, bade titip pang nakolkeun we sirahna ku gagang sinduk”
Ceu Poho         : “kekekeheula, hayang sabaraha kali Pa Ustadz?”
Pa Ustadz        : “saloba Asmaul Husna we tong lila teuing!”

Saparat jalan, si Anto ngarasa boga dosa ka Pa Ustadz soalna titadi boga rarasaan teu paruguh. Kusabab sieun nambahan deui dosa si anto terus ue babalik pikir jeung niat hayang menta hampura ka Pa Ustadz.

Anto                 : “Assalaamu’alaikum,..Pa Ustadz!”
Neng Ratih      : “Wa’alaikumussalaam..Indit siah kaditu!”
Anto                 : “keheula, keheula..”
Neng Ratih      : “Pokokna indit kaditu, kuring teu boga duit jang maraban siah nginummah”
Anto                 : “Punten yeuh neng, kuring datang kadieu teh lain hayang menta duit atawa
maok duit deui. Tapi hayang menta hampura ka si abah”
Neng Ratih      : “Menta hampura wadul manehmah”
Anto                 : “Beneran kuringmah, teu bohong. Kuring geus ngarasa dosa ka si abah. Unggal
isuk ngan maokan duitna we hayoh”
Neng Ratih      : “Alus atuh ari geus nyadarmah, ngan hanjakal pisan rek menta hampura ayeunamah, sabab maneh geus telat Anto”
Anto                 : “Naha, aya aturan telat sagala?”
Neng Ratih      : “Tinggali we kaditu!”
Anto                 : “Pa Ustadz? Kunaon Pa Ustadz teh?”
Neng Ratih      : “Pa Ustadz teh udur, teras weh ngantunkeun tadi enjing”
Anto                 : “Abahh!!”

Ti saprak eta, si Anto hanyakaleun pisan kana sikapna salila katukang. Sabab, geus nyangsarakeun hate Pa Ustadzna. Nepikeun ka maot. Mulai ayeuna si anto janji dina hatena kalawan euweuh pangingkaran, sangkan moal ngalakukeun perbuatan dosa deui. Contona mobok jeung maok.




2011



0 komentar: