Reuni SMP

Suatu Hari Ketika Mereka Kembali...

Cari Persamaan di Antara Mereka

sekumpulan pemuda ahli meramu cinta.

Maka Dari Itu, Kita Belajar ...

Komunikasi, adalah langkah penting membangun percaya diri.

Jumat, 30 November 2012

KEMBANG CANGKOK WIJAYA KUSUMAH



KEMBANG CANGKOK WIJAYA KUSUMAH

Kembang cangkok ieu, dipake keur ngubaran Bibi Subadra. Nyaeta istrina Arjuna. Bibi Subadra damang ku eta kembang. Dina jero teu damang teh Gatot Kaca diwartosan ku Astra Jingga yen Bibi Subadra teu damang wales. Ari diperjalanan Gatot Kaca teh panggih jeung bangsa oray, anu hayang males pati ka Gatot Kaca jeung pandawa. Kucara maok kembang Wijaya Kusumah ti Arjuna. Nanging niat goreng eta teu lakasana. Si oray eta beunang terus dibawa ka payuneun Arjuna ku Gatot Kaca, ditanya weh saha manehna sabenerna. Nyaeta Nagasakti atawa Lodrapati. Ngabogaan maksud kanggo neangan kembang wijaya kusumah. Keur ngahancurkeun pandawa.
Tidinya Arjuna ambek. Oray eta teh dititah dipaehan, ku Gatot Kaca. Terus dicandak eta oray ka hiji tempat. Pas rek dibunuh, eta bangsa oray teh ngaleungit. Sabab boga elmu Aji Halimun. Terus weh Arjuna nitah si cepot, dititah nyieun bewara sangkan ngalaporkeun ka pamarentah lamun manggihan bangsa sasatoan.
Lodrapati berubah jadi Semar, nyaeta hiji tokoh kapercayaan Arjuna. Sabab Arjuna teh dununganna si Semar. Lodrapati anu mangrupakeun Semar eta ngadep ka Arjuna. Bebeja tadi teh diperjalanan pendak jeung tatangga ngabejaan yen istri si Semar teh teu damang. Erek nginjem kembang Wijaya Kusumah, tadina mah moal dibikeun tapi lila-lilana mah dibikeun oge ku Arjuna. Kalayan disaksian ku anakna Semar nyaeta Cepot jeung Dawala.
Teu lila, datang utusan ti karajaan, ngawartosan yen Subadra istrina Arjuna teu damang deui. Arjuna teh ngutus Gatot Kaca sangkan nyusul si Semar anu mawa kembang Wijaya Kusumah tea. Terus dipapayan kamana-mana, lila-lila kapanggih si Semar teh. Tapina jeung Semar anu asli. Gatot kaca nyarita ka si Semar, rek nambut kembang tea kanggo ngubaran istrina Arjuna anu teu damang deui. Eta Semar mungkir, da manehna mah teu rumasa nginjeum kembang ka Arjuna.
Dibawa weh eta Semar ka payuneun Arjuna ku Gatot kaca. Ditanyaa deui ku Arjuna kamana eta kembang. Si Semar anu asli teu ngaku keneh pernah nginjeum eta kembang. Terus, Arjuna nyiksa kalawan nyiduhan ka eta Semar. Manehna ngarasakeun nyeuri hate ku sifat Arjuna anu nuduh jeung nyiksa manehna. Si Semar balik ka imahna, bebeja ka istrina yen manehna geus diciduhan ku Arjuna.

                                                             
Cianjur, 13 November 2012

Rorongo



 Pancen Basa Sunda
RORONGO
(rametuk anu sok ngariweuhkeun batur)




GEDUNG KONI
CAINJUR 24 November 2012

Nu Nyusun:
Arief Gumelar Pamungkas
Rombel N

SMA NEGERI 1 CIANJUR
RORONGO
Aya hiji kampung anu dibéré ngaran Rorongo. Rorongo téh hartina sabangsaning rametuk anu sok ngariweuhkeun batur.
Kuduna mah ari rék méré ngaran boh kana tempat, ngaran benda, atawa ngaran jelema. Kudu méré ngaran anu alus. Sangkan jadi do’a keur nu dibére ngaranna. Ieu désa dicaturkeun salah méré ngaran. Jadi balukarna karasa ku sakabéh warga éta désa Rorongo. Éta Désa téh jadi réa pisan ku pasolan. Boh dina pasoalan kaluarga atawa pamaréntah.
Hiji pasoalan datang ti kaluarga Akang Guru, anu dituduh ku Nyi Esih (pamajikanna éta guru) salingkuh jeung awéwé séjén. Pasoalan anu kadua nyaéta, loba pisan laporan kajadian kaleungitan parabot atawa papakéan anu keur dipoékeun. Dilaporkeun ku juru tulis ka pupuhu kampung, yén bobokona Nini Asmi leungit. Ogé pakéan jero na hiji awéwé leungit. Pa Kuwu ngarasa nyaho saha bangsatna.
Aya oge pasoalan anu jarang pisan karandapan ku jelema béh dieu, nyaeta nini-nini hayang boga budak. Yuswa éta nini-nini téh kurang leuwih tujuh puluh taun. Euweuh dina sajarah, yuswa sakitu reuneuh.
Pasoalan anu terakhir dibéréskeun deui ku Pa Kuwu téh ngeunaan si Marmot, anu sok ngabadogan popoéan jeung parabot warga Désa Rorongo. Tah, saprak si Marmot beunang ku warga Désa Rorongo. Éta bangsat dibéré kapercayaan ku Pa Kuwu, jadi patugas kaamanan éta Désa. Sangkan boga pagawéan, jeung ngeureunan jadi bangsat.





Kamis, 13 September 2012

Drama Sunda KaDua


Hiji Drama keur nu Ngora!!!

Di sapanjang susukan Cigolebag. Jujukutan masih keneh jadi panghiasna, oge salaras eujeung caina anu masih keneh cur cor bari herang. Kaayaan kieu di mangfaatkeun ku sakabeh warga sapanjang susukan Cigolebag keur ngisikan, mandi atawa ngumbah parabotan rumah tangga.

Enci                 : “Punten akh, ngiringan nyeuseuh ibu-ibu..”
Ceu Poho         : “Mangga, kadieu..sasarengan sareng abdi !”
Ceu Nina         : “Eh, terang teu ibu-ibu?”
Ceu Poho         : “Naon, tah? Aya gosip paling alus deui lain?”
Enci                 : “Enya, aya gosip naon poe ayeuna?”
Ceu Nina         : “eh, apal teu Neng Mimin. Saurnamah anjeunna teh atos ngagaleuh deui emas cenah dua gram mah”
Enci                 : “Wahh, enya nyah? Ceuk saha eta teh Bu?”
Ceu Nina         : “Eh, osok teu parercanten wae..leres pisan, eta we pas abdi kamari ameng ka bumina api-apina teh bade ngiriman rujak, padahalmah hayang ngakurkeun kaayaan imahna, naha masih keneh alusan kuring atawa manehna.”
Ceu Poho         : “terus hasilna kumaha?”
Enci                 : “enya, aya naon wae di imahna?”
Ceu Nina         : “Ih, ibu-ibu..dangukeun abdi, pas abdi lebet ka bumina. Aduh parabotanna teh meni ararenggal pisan, sareng kasampak gular-goler emas kana dua gram mun diitung- itungmah.”
Enci                 : “bener ieu teh? Da, perasaan kuringmah kamari-kamari teh, kahirupanna teu jauh jeung arurang pada umumna. Ka warung keukeuh ku nginjeumna. Komo deui ka kosipa mah, nepi ayeuna apanan urang mah masih ucing-ucingan keneh mun aya pagawena.”
Ceu Poho         : “Heeuh, kuring ge sarua..loba hutang kaditu-kadieu.
                        Tapi eta ceu mimin meni ku gancang beungharna kitu nya?”
Ceu Nina         : “cenahmah manehna geus ngadatangan ka tujuh ajengan alus di kampung urang. Terus meureun menta tulung hayang dipangdu’akeun supaya manehna beunghar”
Enci                 : “Lain, ciganamah manehna menta ka dukun hayang jadi beunghar.”
Ceu Poho         : “ciganamah kitu, eta we tinggali dina hareupeun imahana anu gedong eta. Unggal poena teh osok di purudulan ku kekembangan tujuh rupa. Ti kawit kembang pandan nepi ka kembang kamboja.”
Enci                 : “bener pisan ciganamah kitu nya?”

Teu lila, saenggeus maranehanana ngalobrol ngeunaan kabeungharan Ceu Mimin anu ngadadak pisan. Torojol anu mabok, bari mamawa botol AO ka tengah-tengah ibu-ibu anu keur nyeuseuhan baju.

Anto                 : “Mabok deuii”
Enci                 : “eh, teu sopan ka kolot lain punten heula atuh. Kalah wawanianan
 ngalengkahan kolot, belegug siah...doraka siah..”
(Dicarekan ku ibu-ibu)
Anto                 : “Punten, kuring keur rusuh. Di udag ku bangsat sapasang.”
Ceu Poho         : “belegug siah, Anto..Indit siah kaditu. Ngaganggu aing keur nyeuseuh siah kehed.”
Anto                 : “Hampura kabehh” (bari nyeblokkeun cai susukan).
Ceu Nina         : “Di du’a keun siah Anto, sing jadi monyet jajadian!”
Anto                 : “Heeuh, hampura kuring keur mabok”

Lumpat, meuntas susukan Cigolebag bari linglung kasarung ku sabotol AO anu di beulina ti warung sisi jalan. Bari eta AO dicampuran sakedik ku bensin. Nya heeuh, salian eta AO ngamabokkeun. Jadi sabab eta jelema anu nginumna bisa lumpat tarik kawas mobil Xenia atawa Avanza.

Pa Ustadz        : “Ceu, manawian ninggalian si Anto teu anu keur mabok?”
Neng Ratih      : “Sumuhun, naringali henteu eta tangkulakna manusa?”
Ceu Poho         : “Punten Pak Ustadz, margi abdi teh ngagaduhan panyawat poho. Janten kuring ... hilap deui Pak Ustadz, hapunten pisannya.”
Pa Ustadz        : “cing anu sejen..manawian ninggal si Anto henteu?”
Enci                 : “si Anto?”
Ceu Nina         : “Si Anto anu tukang mabok lain? Heeuh, kuring ninggali tadi. Apan ngaliwat kadieu bieu teh bari mamawa sabotol AO..”
Enci                 : “Ceuk manehannamah, manehna diuudag ku bagsat duaan. Anu hiji lalaki, anu hiji awewe.”
Pa Ustadz        : “belegug, kuring disangka bangsat ! terus ayeuna manehna indit kamana? Astaghfirullohal adziim”
Neng Ratih      : “sabar Pa ustadz..sabar”
Pa Ustadz        : “astaghfirullohal adziim, kuring geus kapancing esmosi”
Neng Ratih      : “Emosi panginten Pa?”
Pa Ustadz        : “tah etalah maksad kuring teh teu jauh”
Neng Ratih      : “teras ayeuna bade diudag wae eta anu mabok?”
Pa Ustadz        : “enya hayu atuh urang udag”
Ceu Nina         : “keheula Pa, tong gagabah kitu..awon akh, kieu heula we ayeunamah urang calik heula didieu. Teras jelaskeun naon sabab bapak make hayang ngungudag si Anto?”
Pa Ustadz        : “kieu, apanan kaula teh dipasihan pancen ku ketua RT keur nyekelan koropak masjid. Tah kabeneran tiap mingguna teh ngan leungit we hayoh eta duit. Pas tadi isuk, kuring panasaran hayang nyaho saha anu wawanian maok koropak masigid teh. Eh, geuningan tangkulakna si Anto.”
Enci                 : “Oh, kitu maksadna pa ustadz teh, dikinten teh bade nyungkeunan tanda tangan ka si Anto”
Pa Ustadz        : “emang kaula bade ngadamel KTP kitu,
Kudu aya aturanan menta tanda tangan heula ka si Anto?”
Enci                 : “punten punten pa ustadz..abdi mah mung sabates heurey hungkul da.”
                        (bari seuseurian ceuceuleukeuteukan)
Pa Ustadz        : “kieu we atuh nya. Kusabab kuring jeung Neng Ratih moal sempet ngudagna eta si Anto, bade titip pang nakolkeun we sirahna ku gagang sinduk”
Ceu Poho         : “kekekeheula, hayang sabaraha kali Pa Ustadz?”
Pa Ustadz        : “saloba Asmaul Husna we tong lila teuing!”

Saparat jalan, si Anto ngarasa boga dosa ka Pa Ustadz soalna titadi boga rarasaan teu paruguh. Kusabab sieun nambahan deui dosa si anto terus ue babalik pikir jeung niat hayang menta hampura ka Pa Ustadz.

Anto                 : “Assalaamu’alaikum,..Pa Ustadz!”
Neng Ratih      : “Wa’alaikumussalaam..Indit siah kaditu!”
Anto                 : “keheula, keheula..”
Neng Ratih      : “Pokokna indit kaditu, kuring teu boga duit jang maraban siah nginummah”
Anto                 : “Punten yeuh neng, kuring datang kadieu teh lain hayang menta duit atawa
maok duit deui. Tapi hayang menta hampura ka si abah”
Neng Ratih      : “Menta hampura wadul manehmah”
Anto                 : “Beneran kuringmah, teu bohong. Kuring geus ngarasa dosa ka si abah. Unggal
isuk ngan maokan duitna we hayoh”
Neng Ratih      : “Alus atuh ari geus nyadarmah, ngan hanjakal pisan rek menta hampura ayeunamah, sabab maneh geus telat Anto”
Anto                 : “Naha, aya aturan telat sagala?”
Neng Ratih      : “Tinggali we kaditu!”
Anto                 : “Pa Ustadz? Kunaon Pa Ustadz teh?”
Neng Ratih      : “Pa Ustadz teh udur, teras weh ngantunkeun tadi enjing”
Anto                 : “Abahh!!”

Ti saprak eta, si Anto hanyakaleun pisan kana sikapna salila katukang. Sabab, geus nyangsarakeun hate Pa Ustadzna. Nepikeun ka maot. Mulai ayeuna si anto janji dina hatena kalawan euweuh pangingkaran, sangkan moal ngalakukeun perbuatan dosa deui. Contona mobok jeung maok.




2011



Diajar Bahasa Araab


                                                                                Belajar Bahasa Arab
Bismillahirrohmaanirrohiimm..

Kalam= lafadz anu maedahkeun jeung anu disarandekeun(Jaedun Qooimun)
Kalimah= dalam bahasa indonesia merupakan kata, nyaeta lafadz anu maedahkeun jeung anu tunggal
Kalim :
1.       Isim= ngaran jalma atawa ngaran barang
2.       Fiil= kata kerja (Doroba, kotala)
3.       Haraf= huruf anu salian ti isim jeung Fiil(Kod, kana, ila, an, rubba)
Koul= nyaeta lafadz anu maedahkeun halna anu mutlaq (KaQum,wa Qod,wa inna jaedan irtaQo). Atau merupakan ucapan yang menyangkut (kalam, kalimah, kalim)
Isim= ciri isim nyaeta:
1.       Kaasupan ku tanwin
2.       Kaasupan ku hurup anu jeer
3.       Kaasupan hurup anu ngajeerkeun(min, ila, rufi, rubba,...)
4.       Kaasupan ku huruf Lam alif
Fiil= alamatul fi’lun..ari alamatna fiil eta aya :
1.       Bikod kalawan kod harfiah. Kod kooma jaidun
2.       Wssiini jeung sin tanfis. Ex: sayaquumu, sayaquulu
3.       Wattaai ta’nisi ma’attasqiini jeung ta tanis sarta sukun. Ex: Koomat hindun
4.       Wattaa faalta jeung fa na wajan faalta. Ex: Dorobta, dorobtum, dorobti, dorobtunna
5.       Wannunnu jeung nun taukid sakilah atawa hofifah. Ex: If’alanna Atawa If’alan
6.       Wal ya jeung iyaa: if’alii
ta tanis sarta sukun sarta sukun ini biasa di pake untuk menunjukan mu’annas.
Muannas adalah yang menunjukan wanita
Mudakkar adalah yang menunjukan laki-laki
Haraf = ciri haraf yaitu selain dari ciri isim ayaupun fiil( kod, la, min )
(Baabul i’roobii) ieu bab nerangkeun ngeunaan i’rab



I’rab= ari ngaran i’rab ceuk ulama ahli nahu nyaeta: barobah tingkah pirang-pirang tungtungna kalimah
a.       Lafadz:                   kooma jaidun (dun)
 Roaitu jaedan (dan)
 Marortu bijaidin (din)
b.      taQdiir:                 kooma musaa
 Roaitu musaa
Marortu muusa
I’rab taQdir merupakan i’rab kira-kiraan..
I’rab oge di bagi jadi 4:
Ø      I’rab rofa = jaedun
Ø      I’rab nasab = jaedan
Ø      I’rab ja0r/hofad  = jaedin
Ø      I’rab jazem = lam yansur
Catt:
 i’rab jazem merupakan i’rab yang artinya paeh. I’rab ini satu-satunya dalam bentuk fiil atau kata kerja. Dimana kata kerja ini menunjukan fiil mudore atau yang sedang dan akan dilakukan. Kemudian di depannya fiil mudore tersebut ditambah huruf jazem yang 18. Salah satunya yaitu lam.
Kemudian asalnya yansuru di rubah menjadi lam yansur

I’rab di bagi lagi menjadi 2:
Isim/kata benda,nama, etc :
·         Rofa                       : jaedun
·         Nasab                   : jedan 
·         Jar/hofad            : jaedin
Fill/ kata kerja :
·         Rofa                       : nasoru
·         Nasab                   : ayyan suroo
·         Jazem`                  : lam yansur


Isim terbagi menjadi 2 :
1.       Isim mu’rab/anu narima i’rab:
a.kooma jaidun (dun)
b. Roaitu jaedan (dan)
 c.Marortu bijaidin (din)

2.       Isim mabni/anu teu narima i’rab:
a.       Isim domiir( huwa, humaa,hum,hiya,huma,...)
b.      Isim mausul( alladzi,...)
c.       Isim isarah( hada,...)
Fiil terbagi menjadi 2:
1.     Fiil mu’rab/anu narima i’rab:
·         nasoru
·         ayyan suroo
·         lam yansur
2.     fiil mabni/anu teu narima i’rab:
·           nun jamal mu’annas
·         Nun taikid
·         Fiil amar
·         Fiil madii

( alaamatul’irrabii)
Ari cirina i’rab rofa:                               isim mufrod (al-ahmadu)
1.  Dommah                                      isim jama taksir (jaa al-a’budu)
                                                                Jamal mu’annas( jaa al-hidaatu)
                                                                fiil mudore
2.wawu                                                jamal mudzakar salim( jaa al-jaeduuna)
                                                        Al-asmaaul homsatii(isim anu lima)
ü      Abun 
ü      Akhun
ü    Hamun              ( mufrod, idofat,mukabar)
ü      Wafuu
ü      Waduu
3.nuun                                                                      Fiil mudore ( fiil anu lima)

Ari cirina i’rab nasab:
1.                                                                                                             Fatah
2.                                                                                                             Aliif
3.                                                                                                             Kasroh
4.                                                                                                             Iyaa
5.                                                                                                             Nun anu dibuang

1.                                                                                                             Fatah cirina aya tilu nyaeta..
a.                                                                                                             Isim mufrod/tunggal= roaitu jaedan
b.                                                                                                             Jama muttasir= roaitul jaada
c.                                                                                                              Fiil mudore= ayyansur

2.                                                                                                             Aliff cirina aya hiji nyaeta..
a.                                                                                                            Isim anu lima terus diganti ku alieff..henteu ku wawu

3.                                                                                                             Kasroh
a.                                                                                                            Jama ta’niss

4.                                                                                                             Iyaa
a.                                                                                                             Jamal muannass anu nuduhkeun duaan (jaedaeni)
b.                                                                                                             Jamal mudzakkar salim anu nuduhkeun loba (jaediina)

5.                                                                                                             Wahadfunnuuni(ngabuang enunn)
a.                                                                                                             Ngabuang ennuunna fiil anu lima anu asalna ROFA
I’rab hofad
1.                                                                                         
2.                                                                                          Iyaa
3.                                                                                         


1.                                                                             
2.                                                                              Iyaa
Isiim anu lima
Isim tasniyyah
Jamal mudzakkar salim

Ciri i’rab jazem:
1.                                                                                          Sukun
Fiil mudore= lam yansur ( anaetu)